Arkeolog, Filolog & Sastrawan Sunda Mengenang Prof. Dr. Ayatrohaedi PART I

 “Kuari tulis baé heula, nu penting mah urang Banten kudu boga buku sajarah”, saur Mang Ayat. Sabab, pokna deui, “Bener hanteuna urang pasrahkeun ka rahayat jeung para ahli séjén sinah nyiaran sumber sajarah nu leuwih lengkep. Susuganan aya!”

Sakalébat moal kabadé mun lalaki genep puluh tauneun ieu profesor. Jangjauheun tina citra inteléktual. Kadieunakeuun, mun pendak di hiji acara penting, paling géh sajamang leungeun pondok, calana lojor semu hideung, jeung deui tara locot tina péci. Teu bireuk deui, pasti Dr. Ayatrohaedi, mahaguru élmu nu kasebut humaniora di Universitas Indonesia; jeung di babaraha paguron luhur di tatar Sunda.

Geus katelah, profesor nu karesepna maké sendal kulit hideung, leuwih populér ku gelaran Mang Ayat, tara keukeuh hideung-bodas dina maca sagala pasualan sosial. Sakapeung kabukti dina omonganna. “Lain radén lain tubagus, Mang Ayat baé ti baheula gelar kami mah”, ceuk ahli arkeologi sakaligus doktor lingustik ieu, reugreug ngoméntaran polémik asal-usul “gelar” urang Banten dina hiji sawala nangtungkeun Propinsi Banten.  Geus tujuh belas taun ka buri éta cacahan, tapi sagala “pamendakna” can luntur ti pikiran kami.

Lila teu papanggih, ti saprak kami mulih ka Banten. Tapi nincak taun 2006, teu pupuguh awak ngageder! Aya béja SMS ti sobat saprofesi, Drs. Isman Pratama Nasution, M.Si, dosén ngora di Fakultas Ilmu Budaya UI. Eusina, “Mang Ayat  mulang ka jati mulih ka Gusti nu mahasuci poé saptu (18.02.2006) di Sukabumi”. Heugh! Nyeseg kana haté. Rét baé narémbongan sagala kenangan hirup boh wanci papanggih di seminar boh dina ngayakeun panalungtikan sajarah Jawa Barat atawa Banten. Pasti, mulangna Mang Ayat geus ngagétkeun sakabéh mahasiswana nu ngarébu. Komo para dosén jeung gegedug budaya Sunda nu geus dalit jasa ka jenat Mang Ayat. Leungiteun!

Kitu deui di jero haté sababaraha urang Banten. Mang Ayat geus lain deungeun. Ti ngongora geus ngurilingan lembur urang Baduy di Kanékés. Lain saukur nyiar data banding jang nyusun disertasina ngeunaan Dialek Basa Sunda di Karésidénan Cirebon, tapi leuwih ku nyaahna ka budaya Sunda anu geus kaitung kolot jeung tasih kénéh hirup di Mandala Baduy.

Komo deui keur tokoh masarakat di basisir Banten elor mah, ngaran Ayatrohaedi geus kapatri dina buku Laporan Penelitian Arkéologi Banten (1978) salaku salah sahiji arkeolog Indonesia nu ngamimitian nalungtik situs purbakala di Banten Lama. Kasebut dina laporan éta pakar séjéna, Prof. Boechari (ahli prasasti), Drs. Bambang Sumadio (arsitektur klasik), Prof. Edi Sedyawati (ikonografi), Prof. Nurhadi Magetsari (peradaban Hindu-Budha), Prof. R.P. Soejono (prasejarah), Prof. Uka Tjandrasasmita (arkéologi Islam), Abu Ridho (ahli keramik) jeung Dr. Bennet Bronson ti Universitas Pennsylvania anu dikoordinasikeun ku Prof. Hasan Muarif Ambary (Pak Hasan), Prof. Mundardjito (Pak Oti) jeung Prof. Hasan Djafar (Mang Acang).  Bersambung...