SAPULUH TAPAK BUDAYA BANTEN

BUBUKA


NGINGETAN sapuluh taun Provinsi Banten ku sapuluh tapak budaya urang Banten salila sapuluh abad sajarah Banten. Nepi ka denget ieu loba kénéh urang Banten nu  can nyaho sajarah lemburna nu geus jadi provinsi ti taun 2000. Ari alesan kunaon matak tulisan ieu ku kami diturunkeun, sabab dina poé rebo nu ragrag kana ping 4 Oktober 2017, Provinsi Banten bakal mendak taun nu katujuhbelas. Jadi dina poé éta kabéh urang Banten (kuduna) ngarasa bungah jeung bagja boh di dayeuh boh di palemburan, kitu deui pamerentahna jeung rahayatna, bakal ngayakeun milangkala ka tujuh belas ngadegna Provinsi Banten.

Kuhayang-hayangna kami ngilu bungah ngariung mungpulung ngaramékeun milangkala wewengkon nu dipikacinta ku urang kabéhan, atuh media Web bantenheritage.org sugan bisa jadi cukang nu bisa nyawalakeun pependakan kami ka rahayat Banten hususna, atuh kitu deui ka dulur-dulur di tatar Sunda nu aya di Provinsi Jawa Barat jeung DKI Jakarta.

Kukituna hayu urang taraman nyaliksik tatapakan sajarah Banten dimimitian ti jaman nirleka (samemeh abad masehi) nepi ka ngadegna Provinsi Banten. Bari nungguan panalungtikan para inohong sajarah, aya hadena urang pedarkeun saayana, sabab nungguan rengse panalungtikan mah moal aya anggeusna. Matak kuari dadasar kana sumber nu aya baé heula, sugan ringkesan ieu bisa jadi tuturus ngaléngkah kana sajarah nu rada lengkep.  

Ngan hampura ka dulur-dulur kami di mana  baé ayana, kami teu bisa make basa nu “nyastra” dina tulisan ieu. Kahayang kami, ku maké basa sapopoé jeung teu ngahulu kana undak-usuk basa, sugan bisa mageuhkeun Sunda jadi basa populer. Pan sakumaha nu sok ditepikan ku batur, mun basa Sunda dialek Banten mah kasohor ku sipat egaliterna.

 

Kahiji

MIMITI AYA TATANEN    

DUKA iraha naramanana urang Banten bisa tatanén. Meureun ti  taun-taun awal Masehi nepi ka kira-kira taun 500-an Masehi, urang Banten geus ngabogaan kapinteran dina tatanén hususna dina paré atawa sajinisna. Rada hésé nyiaran reperensi ngeunaan periode ieu. Hiji-hijina sumber ngan data arkeologi jeung ingetan masarakat. Ujud budaya dina ieu jaman dicirikeun diantarana ku lampah ekonomi nu cukup-maneh (self-sufficience); hartina pepelakan ngan keur didahar ku sorangan, can diorientasikeun kana pasar. Mun ceunah geus aya transaksi dagang, sigana ngan saukur barter barang jeung barang. Ari jinis tehnologina teu weléh dina ngahuma, sabab tasih keneh can makean tehnik irigasi nu canggih.

Kusabab masyarakat huma téa, atuh sipat masarakat géh tasih keneh pipindahan (nomaden) jeung deui ujud sosialna sederhana. Dina ngahartikeun ieu mah katempona siga budaya Baduy, nu égaliter. Makéan analogi etnografi, atuh apriori urang kudu nyieun hipotesis, yen undak usuk basa jeung status sosial harita mah can pati penting dina kahirupan sosial. Aya kaitan jeung tradisi ieu, atuh dadasar kapamingpinan geh tasih ditangtukeun ku kaputusan baris kolot atawa nu dikolotkeun di hiji lembur.  

Harita mah ageman langit can asup kana kabudayaan lokal, boh Hindu komo Islam mah tangéh kénéh. Kukituna prinsip hirup geh gumantung kana kanyaho baris kolot ngenaan nu Mahakawasa jeung kakuatan alam di luar kamangpuhan pikir manusa. Tapi numutkeun tradisi budaya sejena di nagara urang atawa di Asia Tenggara, periode ieu mah religi atawa kapercayaan masarakat ngahulu keneh kana kaarifan nu sipatna metafisik, nu teu bisa dileupaskeun tina kanyaho masarakat ngeunaan tanda-tanda kosmik. Jadi faktor alam kuat kénéh mangaruhan kahirupan masarakat. Ti dinya matak sagala kajadian alam dipaké referensi dina ngayakeun sesembahan ka Nu Kawasa.

Pasualanna, di wewengkeun Banten kidul aya papanggihan prasasti Raja Taruma, nyaeta Purnawarman, sekira ti abad opat atawa lima Masehi. Matak aya taroskeuneun ka urang kabehan, naon hartina prasasti Purnawarman aya di Munjul (Kabupaten Pandeglang) dina ranggeuyan kajadian sajarah Banten? Nya bener kitu didinya baheula aya kakawasaan piribumi samemehna atawa sajaman jeung Taruma, sabab meureun mustahil raja nu sakitu gedéna nyieun prasasati make basa Sanskerta jeung ditempatkeun nu sakitu jauhna ti pusat dayeuh Tarumanagara, lamun teu ngabogaan alesan nu pageuh. Jadi ieu PR urang nu kudu dijawab kuari atawa jaga. Tangtuna kudu ditaraman ku panalungtikan arkeologi jeung sajarah.

 

Kadua

TUTURUS BUDAYA DAYEUH

RADA lila sigana budaya huma di wewengkon Banten napak, sabab cakrub jeung budaya lian géh rada hésé. Padahal dina teori budaya nu kaprah dipaké, yén ubahna hiji budaya dipangaruhan ku budaya séjéna nu leuwih maju. Tapi nincak kana taun 900-an nepi ka taun 1500-an Masehi meureun geus aya parubahan sautak-saeutik mah. Pan wewengkon Banten ieu geus jadi jalur penting antara Sumatra jeung Jawa, nya dina abad katujuh, geus ngadeg Karajaan Sriwijaya di wewengkon Sumatera bagian kidul (sabuderan Palembang). Kitu deui ti abad kadalapan nepi ka abad kasabelas Pulo Jawa aya dina kakuasaan Karajaan Mataram Hindu, nu dipingpin ku wangsa Sailendra jeung Sanjaya, nepi ka dialihkeun ka Jawa bagian wetan jaman Mpu Sindok.   

 

Teu rada hésé nyiaran sumber sajarahna, sabab data arkeologi geus rada lengkep, ditambahan deui ku data sajarah. Tah di jaman ieu, urang pasisiran elor Banten geus bisa ngawangun dayeuh anu tangtu rahayatna geh rada reuay. Kitu deui  Hindu jeung Buddha geus mangaruhan sababaraha widang kahirupan masarakat. Mun  geus aya hiji kota jeung  nu gedé, atuh moal pieun kakuatan pulitik géh naraman aya, nyaéta dicirikeun ku ngadegna nagara Sunda anu puser dayeuhna di Wahanten Girang (belah kiduleun Kota Serang kuari) di sisi wahangan Cibanten. Mun ceuk Babad Banten mah, dikuatkeun deui ku Wawacan Banten Girang, yén nagara Banten Girang mimitina mah jadi hiji kabupatén nu aya dina wewengkon nagara Sunda di Pakuan-Pajajaran. Harita Banten Girang geus jadi salah sahiji palabuhan nagara Sunda

Dadasar ekonomina geus lain saukur melak paré nu geus rada maju ku makéan irigasi, tapi aya kamajuan lianna, nyaéta geus boga kapinteran dina pepelakan lada (pedes atawa marica). Harita mah lada geus kaprah jadi dagangan poko nu dikirim ka nagara China jeung ka India. Salian ti lada, dagangan urang Banten Girang kasebut ku urang Portugis nu ngarana Tomé Pires (1513-1515), nyaéta béas, lauk pauk jeung hasil leuweung.

Pasualanna, ari nu disebut nagara Banten Girang éta boga bates wilayah? Naon statusna, kumaha struktur pamaréntahanna, jeung masarakatna asal ti mana? Tah ngeunaan pasualan éta atuh lengkepna bisa  dibaca dina hasil panalungtikan purbakala Banten Girang karangan Prof. Claude Guillot anu judulna Banten avant l’Islam, Etude archéologique de Banten Girang (terbit di Paris taun 1994), nu tarjamah Indonesiana diterbitkeun ku Ecole Française d’Extrêm-Orient jeung Pusat Panelitian Arkeologi Nasional.  

 

Katilu

MEGARNA MASARAKAT KOSMOPOLITAN

NUMUTKEUN papanggihan Claude Guillot jeung timna sakumaha nu geus dipedarkeun dina bukuna, nagara Banten Girang umurna rada lila, aya meureun lima ratusan taun mah. Mimiti ayana kira-kira taun 932 (eta geh hipotesis kénéh) nu ngawula ka nagara Pajajaran. Salila eta Banten Girang jadi parebutan dua nagara gedé, nyaeta Sriwijaya jeung Mataram,  nepi ka mardekana. Karajaan Banten Girang kakarak pareum tahun 1500-an, sanggeus datangna Syekh Syarif Hidayatullah jeung puterana Maulana Hasanuddin ka Banten.

Ti saprak nanjeurna kota-kota dagang di pasisiran elor Jawa nu dicekel ku kawasa urang Islam disokong deui ku para wali  nu salapan, eta karajaan-karajaan Hindu di Jawa géh parareum lengiteun kakuatan, kusabab konci peradaban ti sepet éta aya di leungeun wangsa Islam di pasisiran. Kitu deui nagara Banten Girang nu Hindu kénéh atuh nasibna sarua. Harita sakira ahir abad kalima belas nepi ka awal abad kagenep belas,  sarombongan urang Islam ti Demak jeung pasisiran elor Jawa Timur lianna nepi ka Cirebon, ngajugjug ka Banten, didorong ku paniatan hayang ngislamkeun urang Banten. Kusabab para wali hawatir mun teu dipiheulaan, bakal datang kakuatan Portugis anu keur sumanget nyebarkeun  Katolik bari jeung dagang géh, nu ti tahun 1511 geus ngarebut Kota Malaka.  

Dipingpin ku Syarif Hidayatullah, disokong ku putrana (Hasanuddin), atuh bapa jeung anak teu lila barang geus meunang widi ti para ajar (pertapa) di Gunung Pulosari, laju ngadegkeun pamaréntahan Islam di Banten. Sanggeus puseur dayeuh dialihkeun ti Banten Girang ka Banten pasisir (kuari: Banten Lama), loba jelema nu lain-lain bangsa, suku, agama jeung budaya jeung basa, daragang jeung mukim di muhara Cibanten. Atuh ti sepet harita Banten jadi hiji dayeuh kosmopolit, sabanding jeung kota palabuhan Amsterdam di nagara Walanda, sabab harita loba jelema ti mamana boh ti Cina, India, Kamboja, Timur Tengah jeung sababaraha nagara Eropa aya di dayeuh Banten.

Ngan pasualanna, naon pentingna Banten bet kudu dipilih ku kanjeng Sunan Gunung Jati jadi nagara Islam, jeung dipikaresep ku batur-batur ti mancanagara? Aya naon kitu di Banten? Tah mun hayang lengkep ngabogaan katerangan ngeunaan sajarah Banten, atuh teu matak hésé nyiarna. Sabab geus aya buku nu rada lengkep, nyaeta kumpulan karangan Claude Guillot nu judulna “Banten Sejarah dan Peradaban, Abad X – XVII” terbitan Gramedia taun 2008, nu salah sahiji saponsorna nyaeta STKIP Setia Budhi Rangkasbitung jeung Banten Heritage.

 

Kaopat

KAMAJUAN BANTEN NU REUP-BRAY

GEUS LILA, saméméh Provinsi Banten ngadeg nepi ka kuari urang Banten boga kayakinan yén Kesultanan Banten kungsi ngalaman jaman kajayaan. Ngan hanjakal palebah mana percisna mun enya mendakan jaman kaemasan, kumaha degdeganna, jeung widang naon nu ngalaman kamajuan? Tah mun urang sakali deui maca buku nu tadi, meureun bakal aya parubahan dina kanyaho urang, yen ti taun 1619 nepi ka taun 1682, kamajuan nagara Banten nu sok didongéngkun ku kokolot urang, kanyataanna reup-bray. Sabab unggal ganti sultan ganti kabijakan, komo beuki maju dina ekonomi beuki loba tangtangana utamana datang ti pihak Eropa hususna Walanda nu hayang boga untung loba tina dagang lada jeung Banten. Kasubutna pulitik monopoli téa. 

Kitu deui di baris ahli. Loba sajarawan nu nganggep yen Banten ngalaman jaman kaemasan. Argumentasina didasaran ku prekuensi kadatangan padagang, ku lobana padagang, napakna jaringan ekonomi pasar nu ngadunya disokong ku manajemen pamaréntahan nu ajeg. Tapi ari kakuatan militer teu weléh mung saukur kuat di saputer dayeuh, sedengkeun teluk jeung laut Banten jongjon dijagaan ku angkatan perang asing, utamana Walanda. 

Atuh ku kerepna blokade baé géh, Walanda bisa maksakeun monopoli dagang ka  Banten. Komo sanggeus ngadegkeun Batavia (1612), kakuatan Walanda jadi anceman nu rosa beuratna. Harita, ngahareupan situasi nu beurat sabelah kitu, kabijakan pulitik Banten géh sok robah teu puguh, patani keur melak lada teu puguh-puguh kudu dirabut. Alesanna ceunah yen kisruhna Banten ku sabab gumantung teuing ka ekonomi lada. Ceuk pependakan ahli sajarah, keur rame-raména lada, urang Banten teu mentingkeun melak paré, atuh masarakat kakurangan kadaharan nu poko, béas tea. Matak harita paré géh kudu meuli ti Mataram. Sedengkeun rahayat beuki ngalobaan baé di Dayeuh Banten. Ceuk Prof. Guillot mah Banten surpopulasi, nyaéta heuring ku jelema.   

Kusabab kitu loba padagang nu minggat ti Banten, ngalih ka Batawi. Kusabab pagawéan kurang, dagangan loba-nu meuli euweuh, palabuhan réhé, sedengkeun jelema loba, atuh urang Banten hakheuk sagetih salembur jeung sadayeuh. Matak harita Banten ngalaman “paséa sadulur, perang salembur” masinikeun jabatan jeung harta kakayaan. Leuwih hésé deui, astana géh ajur ku peperangan nu euweuh eureunna. Kacuali masigit, nu kuari jadi kabanggaan rahayat Banten jeung nu sejena, jadi hiji-hijina tempat nu teu kapangaruhan ku pulitik jeung peperangan nyaéta Masjid Agung Kesultanan Banten.  

Matak mun urang kuari nganjang ka Banten Lama, urut ibukota Kasultanan Banten, Karaton Surasowan tinggal bénténg jeung pondasi nu aya. Hadena aya museum, nu koleksina bisa mawa urang ka alam kajayaan Banten.

 

Kalima

SANGGEUS KEKUATAN PULITIK PEURAY

TEU PATI hésé ngahartikeunana mun ti saprak pareumna kekuatan pulitik di nagara Banten loba kajadian nu bisa ngaraheutan haté urang Banten. Sabab ti taun 1682 nepi ka taun 1813 kasebutna jaman poekeun obor. Harita urang Banten kapaksa kudu nyanghareupan parubahan radikal dina kahirupan pulitik, ekonomi, sosial jeung budaya ku sabab Walanda geus nancebkeun kuku di bumi Banten dicukangan ku VOC; maskapai dagang nu kasohor kuatna.

Batawi harita geus jadi hiji-hijina puseur politik ekonomi nu ngondisikeun sagala kakuatan di Nusantara; méhméhan euweuh tandingna. Sasaha baé nu ngalawan bakal ajur, kacuali nu daék kongsi jeung Walanda. Kitu dieu dina kahirupan pulitik di nagara Banten, kanjeng sultan emang tetep aya di tahta, tapi payungna mah kudu ka Batawi. Harita kakawasaan sultan dijadikeun “legitimasi” ku Walanda dina ngamonopoli dagangan lada nu aya di jajahan Banten di wewengkon Lampung jeung Bengkulu. 

 

Ditempo dina struktur ruangna géh kitu, atuh istana Surasowan geus éléh pamor ku Bénténg Speelwijk nu aya di palabuan (kasebutna Pabéan). Jadi mataranté kakuasaan kaprahna nyaéta, rahayat Banten kudu ngawula ka Sultan, sedengkeun Sultan géh kudu ngawula ka Gubernur Jenderal di Batawi. Atuh meureun baé kahirupan sosial géh hararésé, sabab rahayat nu wani, pastina barontak, rahayat nu cicing, ditincak. Kusabab loba nu barontak di mamana, loba korupsi di mamana, VOC ahirna bangkrut, atuh meureun baé kasultanan géh ngilu runtuh.

 

Kagenep

NGAWAKAN BUDAYA BARAT

DINA kabangkrutan pulitik jeung ekonomi ieu meureun geus kabayang yén kahirupan urang Banten ngalaman beurat léngkah hésé leumpang. Ka dieu ka ditu loba Walanda, sedengkeun pamingpin nu geus sakitu heubeulna boga sima ku harismana nu katurunan wali jeung nu dipikahormat ku rahayat geh keur ngalaman susah.

Harita, ti tahun 1821 nepi ka 1878, urang Banten kapaksa kudu matuh kana tatanan budaya Barat. Tapi urang Banten tetep nyekelan kénéh pépéling nini aki jeung kokolot, yen Walanda mah tetep baé deungeun, beda basa, beda budaya jeung deui beda . Matak kajeun kawasa sultan geus rada pareum,  atuh rahayat Banten kudu ngalawan kana sagala kalakuan urang Walanda jeung antek-antekna nu dianggep teu manusiawi nu ditaraman ku Daendels. 

Kumatuhna ka Kaisar Napoleon Bonaparte, Willem Daendels kapaksa kudu ngarabut kasultanan nepi ka akar-akarna. Sagala simbol-simbol kakawasaan Banten dirubuhkeun, kacuali masigit tempat nyalindung makam para sultan. Ti saprak éta, Walanda nyiptakeun simbol anyar di urut sawah kasultanan, nu kasebutna “Serang” téa, nya didinya tahta pangawasa kolonial nu diaranan Residentie van Bantam ditangtungkeun.

Atuh kaprahna, lalakon hirup Europisch aya di dinya: ujud kota, arsitektur, tanda pangkat jeung jabatan, model jamang, pakarang, pasuratan, mesin ketik, mesin citak, mata-duit jeung sagala lambang karajaan Walanda aya di Serang nu harita kaprah disebut kota “Banten Baru”, sabab kota Banten, urut ibukota kesultanan ti harita kasebutna, jadi Banten Lama (nepi ka kuari ngabogaan ngaran Banten Lama). Nu sieun ka Walanda atawa nu teu walakaya harita kénéh nyasuaikeun manéh ka budaya Eropa, tapi nu keukeuh nyekel budaya sorangan ngungsi ka leuweung nyieun lembur anyar, ngawangun kakuatan spiritual mangrupa pasantrén jauh ti kahirupan dayeuh nu ceunah geus teu islami deui.  

 

Katujuh

IGAMA, KAKUATAN IDEOLOGI ANYAR

KUSABAB loba nu teu matuh kana kakawasaan Walanda, atuh urang Banten teu dipikaresep ku maranéhanana. Sedengkeun pamaréntahan administratip Walanda kira-kira ti taun 1878 nepi ka taun 1920 butuh tanaga nu mahir ngalayanan urusan pameréntahan. Atuh kaharti mun urang Banten saeutik nu digawé di widang pamaréntahan, sebab urang Banten kuhewa-hewana ka Walanda, nyakola géh embung ja boga Walanda, kitu deui nu palinter teu dilatih jadi pajabat legal-rasional. Nu matak harita mah nu jadi regent, wadana, camat di sakuliah karesidenan Banten lolobana dicokot ti wewengkon Priangan, jeung sajauh Jawa belah wetan, nu geus rada ngarti ka tatacara pamaréntahan Walanda.    

Hadéna loba kénéh urang Banten nu keukeuh barjuang hayang ngamardekakeun rahayatna. Dibukana Terusan Suez jeung papanggihan mesin uap nu ngaganti kapal layar, nyiptakeun harepan anyar. Atuh ti saprak papanggihan kapal uap, loba jasa urang Banten nu ngajugjug ka Mekah, salian ti ibadah haji sakalian nyiar reperensi jang neruskeun parjuangan Islam kusabab Banten geus teu boga pangawasa piribumi deui.

Atuh balikna ka lembur loba urang Banten geus ngabogaan reputasi anyar ku gelar Haji, mageuhkeun legitimasi dina nanjeurkeun pasantren nu bakal jadi pusat syiar jeung basis parjuangan ngalawan kadholiman pamaréntah kolonial. Mang Snouck Hurgronje harita nyebutkeun yén pasantrén di Banten nu dipingpin ku kiai mung saukur the center of Islamic militancy, sedengkeun jawara disebutna social bandit kusabab huru-hara dilakukeun ku dua kalompok eta.

Tapi nu penting mah jang urang kabéhan, kacatet mun dina jaman ieu igama Islam jadi ideologi perjuangan jeung kiai atawa pamingpin  sakaligus jadi pamingpin pulitik dina ngagerakkeun rahayat Banten ngalawan kakuatan kolonial.

 

Kadalapan

WANCI REPOLUSI SOSIAL

KASANGSARAAN urang Banten nu sakitu lilana diciptakeun ku rejim kolonial méhméhan euweuh tungtungna. Tapi ahirna mah peuray. Ti taun 1920 nepi ka taun 1950-an, gerakan protes kaum ulama nu geus ngurbankeun harta jeung nyawa, meunang getih anyar ku asupna organisasi pulitik ka Banten, nyaeta Syarikat Islam jeung Parai Demokrasi Sosial.

Ieu jaman nandaan taramna parjuangan nu didasaran ku gerakan pulitik, nepi ka kiai géh pipilueun pupulitikan, silih ngamanpaatkeun kusabab dengdem hayang geura mardeka. Nya dina ieu jaman aya pakta yen kiai boga massa sedengkeun parte pulitik boga cara diplomasi dina ngaronjatkeun kahayang bebas tina panjajahan. Tujuanna mung hiji, pamarentah Walanda kudu minggat ti nagara Banten. Ti saprak Bung Karno jeung Bung Hatta ngaproklamirkan kamardekaan Indonesia, atuh Walanda géh teu walakaya, komo sumanget juang laskar euweuh pareumna, épékna, Walanda minggat sanggeus Jepang nguasaan nagara urang, atuh aya kakosongan pamarentahan di Banten.   

Sumangetna ka tempo dina kahayang rahayat yen birokrasina géh ari geus Walanda kabur mah ulah babalandaan baé. Atuh dina jaman revolusi ieu, urang Walanda géh geus ngarasakeun kisruhna pamaréntahan sipil. Tah dina kaayaan transisi éta, matak hiji wanci kiai kungsi jadi residen jeung regen, tapi kusabab teu kalatih dina manajemen pamaréntahan, atuh teu lila diganti deui ku birokrat nu direkrut ti kalangan pulitisi jeung militer nu geus ngadeg dina unsur PETA jieunan Jepang.

Dina jaman revolusi ieu, Banten kungsi ngalaman pakum pulitik, hartina aya kakosongan pamaréntahan; teu diaku ku Walanda, teu asup ka Provinsi Pasundan. Matak mata-duit géh kajeun kasebutna rupiah tapi diaranan Oeang Repoeblik Indonesia Daerah Banten atawa ORIDAB, sabab dicitak jeung diedarkeun husus di daerah Banten. Jeung deui nu nekenna géh Tb. H. Achmad Chotib, Residen kahiji asal piribumi.    

 

Kasalapan

DI ALAM MARDEKA

ALAM kamardekaan sigana mung saukur sumangetna, kanyataanna Banten masih keneh leuweung bagbagan, herit ku bégal keueung ku rampog. Saréngsena repolusi, Karesidenen Banten teu weléh jadi médan pagulatan ideologi pulitik dina  masinikeun kapamingpinan piribumi dan  non piribumi di handapeun rejim Orde Lama. Atuh meureun baé pangwangunan jadi tinggaleun, kitu deui lembaga pendidikan, kasehatan, lapangan gawé asa hararésé nu matak loba urang Banten ngeli ka Batawi nyiar pagawéan atawa nyakola ka Bandung jeung kota sejenna.

Emang aya kabanggaan, naraman alam mardeka ti jaman Orde Lama nepi ka jaman Orde Baru. Harita geus aya pabrik besi di Cilegon, geus loba industri nu ngadeg di pasisir lor, tapi saukur konsekuensi geograpis, kusabab Banten jadi cukang parekonomian antara Sumatra jeung Jawa. Hanjakalna, urang Banten lolobana jadi kuli, sabab nu asup ka lépel menejer mah gati dipanggihanana. Kitu deui padalaman Banten tasih kénéh nyanghareupan tilu panyakit nu gati ngubaranna, nyaéta tinggaleun di sababaraha widang pamwangunan, kusabab kajiret keneh ku kamiskinan jeung kabodohan. Kusabab kitu atuh wajar mun aya persepsi yén urang Banten kajeun rarasaan geus mardeka tapi ari  kahirupan nu sajatina kajajah kénéh ku kondisi inferiority of mind (teu boga kasadaran terdidik) jeung inferiority of product (teu boga etos kerja). Matak harita mah hésé keneh manggihan urang Banten nu mentas dina etalase pulitik jeung ekonomi nasional.   

 

Kassapuluh

NGAWANGUN TANEUH KARUHUN

SALILA sapuluh abad leuwih handapeun payung NKRI, Banten jadi médan pagulatan ekonomi politik, dominasi sosial-budaya jeung eksploitasi alam nu teu ngukur kana daya dukung. Atuh aya rasa bagja jeung bangga yén dina kaayaan tipuruk lantaran ngalaman krisis multidimensi, para kokolot, para tokoh, para ulama jeung sakabéh rahayat Banten manggihan gagasan orisinil. Didinya aya kaputusan nu matih, yén pasualan Banten kudu dililatkeun ku urang Banten sorangan, nu ngahasilkeun rumusan yén urang Banten kudu nanjeurkeun provinsi sorangan. Parjuangan nu sakitu panjang jeung heroikna, boh dina urusan pulitik, sosial jeung material dina nyanghareupan tantangan nu sakitu beuratna, ahirna manggihan momentum di éra reformasi, nyaéta wewengkon urut Karesidenan Banten, ngadeg jadi Provinsi Banten.

Tah ti mimiti nanjeur taun 2000 nepi ka 2017, atuh Provinsi Banten kuari geus 17 taun umurna. Naon nu geus dijieun, naon nu geus kawangun, naon nu geus maju, meureun baé hak urang kabéhan ngamangpaatkeunana. Tapi ulah lali, kawajiban urang kabéhan ngaraksa hasil pamwangunan boh dina sektor ekonomi, pendidikan, kasehatan, infrastruktur jeung sejena. 

Nu penting mah, cita-cita hayang ngabagjakeun rahayat dina nyumponan kabutuhan dasar (cukup dahar, hade pake, boga imah, jeung deui awak cageur) kudu terus dibebener jeung dihadéan. Piraku teuing teu bisa, pan kokolot urang boga pangalaman nu sakitu hebatna salila sepuluh abad leuwih, komo kuari geus ngaleuyah urang Banten nu palalinter. Tah, kuari Provinsi Banten geus tujuh belas taun umurna, alam geus maju, sagala aya, naon hesena urang ngawangun nagara babarengan jang urang jeung jang anak incu jaga.

 

PANUTUP

SANGGEUS urang ngarti yen tapak sajarah urang pinuh ku makna parjuangan, atuh kuari geus wancina, dina milang kala 17 taun Provinsi Banten, urang kudu boga tekad nu leuwih hade dina nanjeurkeun cita-cita kokolot urang.

Kahijina atuh kudu sadar yén budaya Banten boga akar nu kuat ka lemah cai sorangan, kaduana atuh urang geus boga reperensi keur pencerahan pikir jeung laku, katiluna atuh masarakat geus ngabogaan daya hirup, kaopat atuh masarakat siap ngarubah diri dina ngajalankeun modernisasi nu pinuh ku kaaripan.  Dadasar kana sumanget sajarah sakumaha nu geus kaguar di luhur, atuh urang kuari kudu mangpuh nyiapkeun manajemen sumberdaya daerah nu handal jang nyanghareupan masa depan wewengkon Banten kahareup.

Didasaran ku kahayang ngamajukeun lemah cai Banten, atuh wayahna urang kabéhan kudu bisa nyiapkeun katahanan budaya. Daék teu daék urang kudu bisa ngawujudkeun ideal type manusa Banten anu ngabogaan kakuatan mental mangrupa: (1) sistem nilai nu ajeg boh ngacu kana agama boh kana norma hukum nu bakal jadi cecekelan urang dina kahirupan sosial, (2) sistem sains jeung teknologi, nu bakal ngabekelan urang jang ngolah sumberdaya alam sakalian ngalestarikanana, (3) karsa jeung karya nu bakal nyiptakeun milestone nu bakal nérékélkeun paradaban urang Banten di lepel nasional jeung internasional. 

Sakumaha nu geus dijadikeun visi pamwangunan Provinsi Banten, atuh urang kabehan kudu ngajadikeun “iman taqwa” mangrupa basis filosofi pangluhurna dina ngembangkeun kabudayaan jeung paradaban Banten, nu didasaran ku kayakinan yén manusa nu ngawangun nyaéta ciptaan Allah anu sampurna tapi boga katerbatasan. Kayakinan kitu eta bakal nyadarkeun urang yén penting jasa nyekelan garis pangabdian ka Gusti nu Mahasuci jeung bisa ngimbangkeun hubungan horizontal sasama manusa, nyaéta ku ilmu nu amaliah jeung amal nu ilmiah .  

Ku ayana paniatan jeung patekadan yen nagara Banten kudu diwangun ku manusa-manusa nu beriman, berbudaya, beradab sakaligus ngarti sains jeung teknologi, mugia kahareupna sakabeh rahayat Banten bakal meunangkeun kahirupan nu sajahtera lahir jeung batin. Du’a urang kabehan, sugan Gusti nu Mahasuci marengkeun rahayat Banten boga kahirupan nu pinuh ku rahmat, barokah, falaah jeung mardhotillah. Sakitu ayana. Dirgahayu Provinsi Banten!