Obor nu Lolong PART II

Teu karasa rék dua taun ngontrak papiliun imah Ma Unah, rangda pangsiunan véteran. Ti kontrakan ka pagawéan, saenyana mah jauh, kudu buat angkot deui, rek pindah asa teu puguh, inget ka ambu di lembur nu nitah ngontrak dinu Ma Unah. "Babaturan ulin ema keur leutik di kidul," ceuk ema baréto, nya tinggal kérokna baé.

Ngan diitung-itung mah ngeunaheun, bébas asa imah sorangan, ka Ma Unah asa ka indung sorangan. Saeutik wungkul panyakit di imah ieu, listrik na sok pareum bae, "beda saluran jeung nu di kampus," ceuk ma Unah baréto basa pareum listrik sapoé jemput. Mun pareum listrik jiga kieu, sok inget keur asrak-usruk di  Mandala Kanékés, lembur teu makéan listrik jeung barang-barang éléktronik, "buyut, teu wasa kami mah, geus kitu ti dituna," ceuk urang ditu. Harita leuwih ti sabulan ngoprék, néangan, tatanya ka urang ditu kumaha mun kadatangan turis nu sering nganjor ka Kanékés. Panalungtikan nu dijudulan 'Pengaruh Kunjungan Wisatawan Terhadap Keseharian Masyarakat Baduy', diajukeun dina raraga program 'penelitian dosen muda' sa Kopertis Wilayah IV, Jawa Barat jeung Banten. Kabayang dedegan Jaro, breh beungeut si Sajin, jeung inget ka Ayah Danceu tukang ngacapi nu pecak. "Ro.. mun peuting jiga kieu sok sararé di mana barudak sakola nu datang tadi beurang?" ceuk kula ka Jaro Kanekes nanyakeun budak SMA nu ngaratus ngadon meuting di Kanékés, nu ceunah mah maranehananamah rek 'penelitian', nalungtik naon boa.

"Di imah warga baé," Jaro ngajawab singket.

"Sabaraha imah nu dipaké? laju nyatuna kumaha? saha nu ngéjo? sok naranya naon baé tah? moal salah ngajawab tah urang dieu?" ceuk kula nyorocos bari ngagayem gula beureum kawung.

 "Hiji-hiji nanyana, ja poho," ceuk Jaro molotot.

"Heueuh si Pa Dosén mah, mun tatanya teu sabaran, ngké géh kajawab," témbal lalaki kolot nu diuk gigireun Jaro, bari ngomé rendo.

"Hampura, asa nanya ka mahasiswa, hé hé.., laju kumaha tah?" ceuk kula.

"Kumaha naonna?" Jaro mencrong bari nyedot roko daun kaung  nu bakona meunang meulikeun kula ti kota.

"Heueuh nu tadi, mun loba nu sararé di imah warga, moal kaganggu tah urang dieu?" ceuk kula nyieun tanyaeun anyar.

"Tinggal kérokna baé Pa, piraku ku urang rék digebahkeun, diusir, ari ngomongkeun kaganggu mah atuh karuhan, asa teu paruguh, sieun aya nanaon," ceuk Jaro.

"Aya nanaon kumaha? sieun kapalingan ku sémah?" ceuk kula megat kalimah Jaro.

"Ih.. lain sieun kapalingan, kami mah percaya piraku urang kota pulang-paling ja sararugih meureun. Kami mah sieun géh bisi sémah gering, bisi teu cocok jeung kadaharan di dieu, ngarana géh urang kota," Jaro ngajéntrékeun, "apan ngarana géh sémah, kudu dihormat, kudu dihargaan."

"Heueuh sémah, ngahésékeun nu boga imah, jiga kula nyah...," ceuk kula seuri konéng, bari ngalieuk ka bébéné nu keur uplek cacahan jeung anak Jaro nu awéwé.

Lagu buah kawung jéntré kadéngé tina sora rendo nu dipaénkeun ku Ayah Pulung. Ti kajauhan, kurulung angklung lup-lep kabawa angin. Harita di Kanékés kakarak dibuka bulan maén angklung, barudak laleutik keur dialajar ngomé angklung ambéh jaga bisa ngamumulé Pohaci Sanghyang Sri.

"Meuningan géh kuari urang ka Gajéboh yu…" ceuk Jaro ngajak ka kula.

"Ndeuk naeun?" kula colohok nanya ka Jaro, sabab ti imah Jaro ka lembur Gajéboh jauh jasa, geus pasti kana satengah jamna, eta géh mun beurang katénjo jalan, komo tengah peuting jiga kieu.

"Atuh urang nanya kanu boga imah, laju sakalian nanya ka barudak sakola, rék naon jauh-jauh ti kota ka dieu?" Jaro bari terus nangtung asup ka jero imah.

Suku pegel sesa leumpang tadi beurang ti Cibéo karasa kénéh, kula ngalieuk ka bébéné, manéhna unggeuk bari nyéréngéh seuri.

"Hayu burung..., aing ka réktor mah bisa nolak, ka Jaro mah teu wasa," ceuk kula bari ngarumingkang nangtung, nu séjén seuri, "Si Sajin ajak, hayu Jin milu...," kula narik leungeun si Sajin budak ngora nu sok  marengan kula mun aya panalungtikan.

Bébéné gura-giru asup ka jero imah, nyokot séntér jeung alat-alat séjéna nu sok dibawa. Song diasongkeun tip rékaman jeung pulpén ogé buku catetan, kaméra poto mah karuhan asup dina tas.

"Kamu mah nggak usah ikut, di sini aja. Kalo bisa ketik hasil wawancara tadi siang ya, okeh... mumpung batré laptop masih penuh. Doain ya..," ceuk kula ka bébéné, nu teu lancar basa Sundana, ja puguh urang Acéh téa, ngan teu hésé nyebutkeun kekecapan basa Sunda, sabab di Acéh géh makéan hurup eu jiga di Sunda.

Bersambung...